PASANGGIRI BIANTARA BASA SUNDA SE-KABUPATEN KUNINGAN
SMP Negeri 3 Luragung ngedalkeun rasa bangga jeung suka cita anu jero ka salah sahiji siswi panghadéna, Adinda Shofiani, anu parantos ngahontal Juara Kahiji dina Kagiatan Revitalisasi Festival Tunas Basa Ibu (FTBI) Tingkat Kabupatén Kuningan Taun 2025, anu diiluan ku sakumna SMP sakabupatén Kuningan.
Prestasi anu kacangking ku Adinda téh sanés ngan ukur ngabuktikeun kamampuh pribadi, tapi ogé janten bukti nyata yén murid SMPN 3 Luragung miboga poténsi anu luar biasa dina ngamumule jeung ngariksa Basa Sunda minangka basa indung urang sadaya.
Hasil anu gemilang ieu mugi tiasa janten:
-
Motivasi pikeun sakumna siswa/siswi supaya langkung sumanget dina diajar jeung milarian prestasi.
-
Inspirasi pikeun langkung mikacinta, ngagunakeun, sarta ngamajukeun Basa Sunda di unggal widang kahirupan.
-
Pangjurung pikeun sakumna warga sakola supaya tetep silih dukung jeung silih pangeuyeuban dina sagala kagiatan anu positif.
Ku ieu prestasi, SMP Negeri 3 Luragung ngahaturkeun nu ngan saéstuna ka Adinda Shofiani, ka déwan guru anu parantos ngabimbing, sarta ka sakumna pihak anu parantos masrahkeun dukungan.
Mugia Adinda salawasna dipaparin kasehatan, kasuksésan, sarta tiasa ngahontal prestasi-prestasi anu langkung luhur ka hareupna.
Wilujeng, Adinda! Anjeun parantos ngaharumkeun ngaran sakola urang tercinta!